Bismillahirrohmannirrohim

Assallamu’alaikum. Wr. Wb

Alhamdulillahilazi Hadana Libada Wa Makuna Liyahtadiya Laola An Hadanallah

Amma Ba’du

·       Anu dipika hormat Bapak/Ibu dewan juri Biantara Basa Sunda

·       Anu dipika hormat Bapak/Ibu gur sadayan

·       Sareng rerencangan sadaya peserta lomba biantara basa sunda anu ku simkuring dipika meumeut.

Alhamdulillah, puji sareng syukur disanggakeun ka Allah nu murbeng Alam, anu ku pangersana urang tiasa kempel ruing mungpulung tiasa patepang raray, [atepung lawung, paamprok jongkrok.

Sholawat miwah salam mugi ka sanggakeun ku jungjungan uarng, Nabi Muhammad SAW, Nabi nu agung, anu ka selir janten Nabi sareng Rosul anu panungtung.

Saderek para wargi sadayana hormatkeun. Simkuring……………. Wawakil ti SDN Karangasem I, dina kasempatan anu ieu bade nyobian ngadugikeun perkawis kabersihan Lingkungan sakola, tapi sim kuring sanes bade mamatahan tapi itung-itung pangeling-ngeling ka diri pribadi umumna ka urang sadaya.

Margi naon? Para wargi sadaya, dina kasempatan anu sae ieu sim kuring ngadugikeun perkawis kabersihan sakola? Kuring sadar salaku siswa sakola ngaraos prihatin dina lingkungan sakola.

Contona ulah tebih-tebih di sakola kuring nembe rengse di rehab.mungguh simkuring pribados, Tapi kasadaran para warga sakolana ter utama, para siswana dina ngajaga kabersihan lingkungan sakola teu acan sadar sapenuhna, padahal Bapak jeung Ibu guru teu weleh-weleh ngingetkeun ka urang sadayana kedah ngajag, ngaraksa memelihara lingkungahn sakola.

Runtah jeung rea-rea deui numpuk dimana-mana, komo runtah urut jajan mah padu lung-lung bae di piceun di sembarang tempat, padahal di sakola tos di sayagikeun tempat sampah.

Hadirin sadaya anu dipika hormat

Hayu, dina detik ieu, menit ieu, jam ieu, poe ieu, urang sami-sami ngajagi, memelihara kabersihan lingkungan sakola, sakola teh lain anu batur, tapi nu urang, tempat urang nuntut elmu demi masa depan urang, mun tempat urang kotor, kumuh, teu raos di angge belajar. Karaosna teu tangtu teu sugema, teu betah, teu nyaman jeung teu sehat.

Sabab naon, seperti pepatah “kabersihan teh pangkal kasehatan” berarti mun urang can bisa ngajaga kabersihan berarti urang can iman sapenuh hate sesuai anjuran agama.

Hadirin sadaya anu dipika hormat.

Hayu, urang ulah dibiasakeun hirup jorok, miceun runtah padu bae dimana tempat. Margi kumaha kuring sok ningali dinu berita-berita, dina TV, Koran-koran jeung rea-rea deui akibat urang teu bisa ngajagi kabersihan lingkungan penyakit, musibah bencana dimana-mana, teu pira ngan ukur akibat urang teu bisa ngajagi kebersihan lingkungan.

Dina kasempatan ieu sim kuring ngajak ka rerencangan sadaya, urang salaku generasi penerus bangsa, hayu urang kawitan ku ngajagi kabersihan ti diri pribadi, keluarga, lingkungan sakitarna.

Kumargi naon, urang teh andelan anak bangsa  anu di pikaharepkeun ku Negara, jeung agama kanggo neraskeun perjuangan bangsa, ngagentos para kasepuhan sadayana, urang janten penerus bangsa anu beberesih tina ati pribadi anu beresih tina ati pribadi anu kotor, sehingga bangsa urang, jadi bangsa anu bersih tina korupsi.

Rupina sakieu anu kapihatur, bobot sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek neda agung tawakuf.

Billahio taopik walhidayah

Wassalamu’aikum. Wr. Wb.




Leave a Reply.